
Asallamualaikum wrwb ...
Daramang Lurr,
Teu karasa nya perjalanan urang babarengan ti duarebu lima nepi ka ayeuna dua rebu salapan geus opat taun ... lain waktu nu sakeudeung bray , masih loba hal nu perlu di omean ti mimiti administrasi, member nepi ka sagala hal-hal liana. Tah ayeuna kaharaeupna hayu urang babarengan ngarubah paradigma ceuk bahasa legegnamah, nyaeta ngarubah pandangan masyarakat luas ka urang sabab teu saeutik masyarakat nu ningali yen barudak Viking teh tukang ribut jeung ribut jadi hayu urang lain ngan saukur bisa ngaramekeun, lalajo ka Bandung, kokompoyan motor , komo bari jeung marabok terus garelut ...ayeuna waktuna urang mikir jeung bertindak keur anu leuwih nyata conto leutikna weh tartib peraturan lalulintas, helm pake nu bener lampu hurungkeun pokonamah taati dan ikuti !!! naon hesena ??? ngerakeun ku pa Dadang kapolres sareng mang Eep atuh...
Inget sakali deui urangmah lain gengster atawa naonlah ngarana ? tunjukeun yen urang anggota viking Ganas sajati nu geus darewasa nu kudu bisa nyontooan bener kanu liana, Insya Allah mun urang bisa nunjukeun hal positif rakyat Subang pasti nyaah ka urang, leuwih nyaah ka PERSIB sabab urang salaku Suporter Fanatik na bisa mere conto nu bener, sanes kitu Lurrd ???
Akhirul kallam wilujeung patepang taun, wilujeung millad, n heppi bertdey “VIKING GANAS KU” ...semoga kebersamaan kita dalam ikatan keluarga besar VIKING GANAS salawasna mikanyaah, mikadeudeuh silih asah silih asuh silih asih.
Tulisan ieu mung saukur “cocoretan” ti simkuring nu nyaah k PERSIB jeung barudak Viking sadayana kabeh
Wasallam...
Xprzman
0 komentar:
Posting Komentar